Naskah Ceramah Bahasa Sunda
اَلسَّلَامُ
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Cereme, ceremena mah
Hanjakal metisna teu make delan
Rame, ramena mah
Hanjakal nu jawabna saeutikan
Yuk ah uwihan sakali deui.
اَلسَّلَامُ
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ
وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ
أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ
هَادِيَ لَهُ ،َأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ،
وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ٬ أَمَّا بَعْدُ؛
جَابِرُ
بْنُ عَبْدِ اللَّهِ أَنَّ النَّبِىَّ - صلى الله عليه وسلم – قَالَ: أُعْطِيتُ خَمْسًا
لَمْ يُعْطَهُنَّ أَحَدٌ قَبْلِى:
نُصِرْتُ
بِالرُّعْبِ مَسِيرَةَ شَهْرٍ ،
وَجُعِلَتْ
لِىَ الأَرْضُ مَسْجِدًا وَطَهُورًا ، فَأَيُّمَا رَجُلٍ مِنْ أُمَّتِى
أَدْرَكَتْهُ الصَّلاَةُ فَلْيُصَلِّ
وَأُحِلَّتْ
لِىَ الْمَغَانِمُ وَلَمْ تَحِلَّ لأَحَدٍ قَبْلِى
وَأُعْطِيتُ
الشَّفَاعَةَ ،
وَكَانَ
النَّبِىُّ يُبْعَثُ إِلَى قَوْمِهِ خَاصَّةً ، وَبُعِثْتُ إِلَى النَّاسِ
عَامَّةً »
Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku jalmi anu
do’ifah salian ti manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa. Oge puji didugikeun ka dzat
Allah anu Maha Suci, sareng syukur ka dzat Allah anu
Maha Ghofur, nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan sareng bersih tina sifat
kakirangan.
Anu parantos maparin
nikmat ka makhlukna, anu patut ku urang disyukuran sanes dikufuran.
Sakumaha Allah ngadawuh dina Al-Qur’an:
لَئِنْ
شَكَرْتُمْ لأزِيدَنَّكُمْ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ
Shalawat sareng salamna, mudah-mudahan
dilimpah curahkeun ka buah manah Siti Aminah penguasa Makkah pembuka
syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw.,
Oge teu hilap ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadayana
salaku umatna mudah-mudahan kenging Syafa’atul’udzma ti mantenna. Aamiin ya robbal ‘alamiin.
Pimpinan pondok, asatidz wal asatidzah anu ku simabdi dihormati, anu mudah-mudahan aya dina rahmat Gusti anu Maha Suci. Teu hilap oge ka sadayana santriwan-santriwati
anu simabdi disayangi sepenuh hati.
Ngadegna simabdi dina ieu tempat, sanes
karna ulung ku elmu, surti ku pangarti. Tapi simpribados hoyong diajar,
etang-etang diajar capetang, itung-itung diajar nangtung, sambil berbagi ilmu.
Hadirin, Alhamdulillah kalayan
izin Allah swt., dina Haflah anu barokah ieu, simabdi bade nerangkeun tentang “ka istimewaan Nabi Muhammad”.
Ah, da sadayana ge apal, yen Nabi Muhammad teh istimewa. Tapi dijamin teu
sadayana terang naon ka istimewaan Nabi Muhammad tibatan Nabi-nabi nu sanes. Ka
istimewaan anu dipasihkeun ku Allah ngan ka Nabi Muhammad hungkul, teu aya di
nu sanes. Penasaran? Penasaran?...
Hadirin, kaistimewaan Nabi Muhammad teh sanes hiji dua tilu, tapi seueur
kabina-bina, upami disebatkeun hiji-hijina mah moal aya anggeusna ieu ceramah.
Ku sabab kitu simabdi ngan bade nerangkeun lima keistimewaanna.
Sakumaha tos disebatkeu dina hadist di awal tadi:
جَابِرُ
بْنُ عَبْدِ اللَّهِ أَنَّ النَّبِىَّ - صلى الله عليه وسلم – قَالَ: أُعْطِيتُ خَمْسًا
لَمْ يُعْطَهُنَّ أَحَدٌ قَبْلِى:
نُصِرْتُ
بِالرُّعْبِ مَسِيرَةَ شَهْرٍ ،
وَجُعِلَتْ
لِىَ الأَرْضُ مَسْجِدًا وَطَهُورًا ، فَأَيُّمَا رَجُلٍ مِنْ أُمَّتِى
أَدْرَكَتْهُ الصَّلاَةُ فَلْيُصَلِّ
وَأُحِلَّتْ
لِىَ الْمَغَانِمُ وَلَمْ تَحِلَّ لأَحَدٍ قَبْلِى
وَأُعْطِيتُ
الشَّفَاعَةَ ،
وَكَانَ
النَّبِىُّ يُبْعَثُ إِلَى قَوْمِهِ خَاصَّةً ، وَبُعِثْتُ إِلَى النَّاسِ
عَامَّةً »
Dari Jabir bin Abdillah, sesungguhnya Rasulullah Saw bersabda:
“Aku diberi lima yang tidak diberikan kepada seorang pun sebelum
aku:
Aku ditolong dengan rasa takut (di hati musuhku) selama satu
bulan.
Bumi dijadikan sebagai tempat shalat dan suci bagiku. Siapa saja
dari umatku yang sampai waktu shalat padanya, maka hendaklah ia melaksanakan
shalat.
Dihalalkan harta rampasan perang bagiku, tidak dihalalkan bagi
seorang pun sebelumku.
Aku diberi syafaat.
Seorang nabi diutus untuk kaumnya saja, aku diutus untuk seluruh
manusia”.
(Hadits Riwayat Imam al-Bukhari dan Muslim).
Hadirin rahimukumullah, tah anu kahiji naon?
Kahiji, Aku ditolong dengan rasa
takut (di hati musuhku) selama satu bulan.
Nabi Muhammad ditulungan ku Allah kalayan ditibakeun rasa kasieun ka
musuhna salami sabulan. Kumaha maksudna? Janten, musuhna kangjeng Nabi teh
sabulan sateuacan perang sareng kangjeng nabi tos dipaparin kasieun ku Allah
swt, nyaeta tina kharisma, citra, sareng gagahna kangjeng nabi. jadi musuh teh
ciut tiheula, geumpeur. Siga simabdi pas rek mulai muhadhorohan tadi, ningali
pembawa acara teh tos ngaderegdeg tiheula.
Anu ka dua, Bumi dijadikan sebagai
tempat shalat dan suci bagiku. Siapa saja dari umatku yang sampai waktu shalat
padanya, maka hendaklah ia melaksanakan shalat.
Ibadahna
umat Islam mah, diistimewakeun, digampangkeun ku Allah swt. Dimana wae oge bisa
shalat asal tempat sujudna bersih & bebas tina najis. Orang islam keur dina
pesawat terbang, geus datang waktuna shalat, tinggal tayamum terus shalat dina
posisi duduk ge bisa, arah pesawatna mah kamana we, nu penting mah hatena niat
shalat nyanghareup ka kiblat. Diperbolehkan eta. Piraku si pewasatna dititah
nyanghareup ka kiblat heula.
Ka
tilu na, Dihalalkan harta
rampasan perang bagiku, tidak dihalalkan bagi seorang pun sebelumku.
Allah
ta’ala ngahalalkeun harta rampasan anu disebut ‘ghanimah’ tea. Kunaon? Sebagai
upah atanapi pahala kangge para sahabat Nabi sareng sadayana pasukan perang anu
tos mawa kajayaan Islam sareng ngaja kangjeng Nabi. tah, sesuai ijma’ ulama
bahwa eta harta ‘ghanimah’ teh halal dinafkahkeun, duganakeun selama demi
kemaslahatan umat.
Lanjut
anu ka opatna, Aku diberi syafaat.
Jelas
eta mah, bahwa Allah teh masihan keistimewaan ka kangjeng Nabi, yen kin di
yaumul akhir teh ngan saukur kangjeng Nabi anu ngagaduhan syafaat kangge
umatna. Maasya..Allah.
Kumaha
tah supaya urang kengen syafaat ti kangjeng Nabi? sing loba… shalawat. Osok
shalawatan osok?
Ka
lima. Seorang nabi diutus
untuk kaumnya saja, aku diutus untuk seluruh manusia.
Anu
terakhir yeuh. Kangjeng Nabi Muhammad adalah pemimpin seluruh alam. Nyaeta alam
anu baheula nepi ka ayeuna, ti jaman Nabi Adam nepi ka jaman kangjeng Nabi.
Kunaon bisa kitu? Sebab kangjeng Nabi mah, Nabi pamukasan, penutup para Nabi,
penyempurna risalah, penyempurna agama Allah, nyaeta anu disebut Islam.
MasyaaaAllah.
Beres
cenah ngabahas kaistimewaan kangjeng Nabi teh, alhamduuu…lillah.
Hadirin
rahimakumullah,
Mung sakitu wae
panginten anu tiasa ku abdi dugikeun. Kirang langkungna nyuhunkeun dijemblongkeun
lawang pangampura nu saageung-ageungna. Saur Sayyidina ‘Ali oge:
اُنْظُرْ مَا قَالَ وَلَا تَنْظُرْ مَنْ قَالَ
“lihatlah apa yang dikatakan bukan siapa yang
mengatakan”
Ulah ditingali abdina, da abdi mah sanes sasaha,
tapi mudah-mudahan materi anu tadi tiasa manfaat kangge sadayana. Urang tutup kalayan do’a.
رَبَّنَا
آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ
النَّارِ
وَالسَّلَامُ
عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ


No comments :
Post a Comment